Dihiji wakto. Aya dua pamuda anu keur ngobrol ngarencanaken ka wahangan, pamuda anu hiji urang Medan,
anu hiji deui urang sunda asli. Anu urang Medan namina "Toni", anu sunda namina "Ujang". Toni karek pindah ti Medan ngiring ibuna anu urang cianjur.
Manehna dua'an ulin ka wahangan, maksadna rek ngala lauk, tah pas geus neupi di wahangan urang Medan ngomong.
" Kang Ujang?" naros Toni.
" Aya Naon Bang?" waler Ujang.
" Itu disana ada ikan lele, ayo cepat kita ambil!!"Hoak Toni.
" Wah, leures Bang Toni, hayu urang tewak, sok kodok bisi kaburu kabur." waler Ujang.
" Bah, Gimana kau ini, itu ikan lele, bukan kodok Kang Ujang...." ngambek Toni.
" Eta si Abang, kalakah ngambe titah ngodok teh, kieu geura ngodok lauk teh." temalan Ujang.
" Tuh nya geura, Beunang nya lamun dikodok teh, huh lumayan ageung Bang." Atoh si Ujang.
" Yah, kenapa ga bilang dari tadi, kau itu bikin marah aku aja" Temal Toni.
" Matakna ulah ngambek heula, maksad tina kodok liang etateh, lain eta lauk teh kodod alias katak, nanging etateh nyokot laur ku cara lengen di ulurken kaharep kanggo ngalak lauk, kitu Bang" jentre si ujang.
" Bah, maaf aku, aku belum ngerti semua bahasa sunda hehehe." isin si Toni.
enjing salajengna. Si ujang jeung Toni jalan-jalan ka pasar tadisional nu aya di Cimaskara, kabeneuran aya pasar minggu. Manehna dua'an tuluy indit ka eta pasar minngu.
" Maribu, maribu, maribu, Mirah, mirah, mirah, tiasa di cobian." ceuk tukang asong.
" Ke heula jang, ari si emang eta, naha ngajak ka ibu-ibu anu mana eta si emang??" nanya si Toni.
" Duka atuh Bang ton, naha kunaon kitu?" galideg bari teu ngarti oge.
" Ngajak ka urang meuni disaruakeun jeung ibu-ibu. jeung eta pamajikan urang dibabawa" ngambek si Toni.
" naha ari didinya, saha kitu pamajikan didinya?" nanya si ujang.
" kan eta si mirah pamajikan kuring, urang cianjur." temal si toni.
" Hahahaha. etamah lain ngaran pamajikan Bang toni atuh, maksadna eta barang hargana murah." seuri si ujang.
" Untung lain ngaran pamajikan kuring, lamun heueh, kukuring di acak-acak eta emperan."
pas geus kitu, aya hiji tukang dagang cilok urang jawa ningalikeun ka si abang Toni, bari jeung nyeletuk.
" seribu, seribu, ayo seribu, mangga dicolok bacilna." cek tukang cilok.
" Itu geura si emang eta, kalakah ngajak seruri, di babet geura."ngambek si Abang toni.
" Tong waka ngambek atuh bang, da kuring mah ngan jualan cilok, hijina seribu, dicolok atawa di bungkus, ngarti teu" songot si tukang culok.
" hahaha. etamah harga cilok atuh abang, lain ngajak seuri."temal si ujang.
akhirna dua jalmi etateh beuki akrab jeung sauyunan, si toni bisa leuwih pinteur basa sunda, da kulantaran terus ngarengekeun basa sunda terus, barijeung logak batak.
HITUT DINA ANGKOT...
aya opat pamuda, anu rek mulang ka tempat kost. namina teh ujang, toni, bima sareng atep.
tujuan angkot na ka soreang. asup weh ka angkot soreang, pas dijalan si ujang hayang hitut, keurmah macet di jalan kopo, panas, pinuh ku penumpang deui.
" duuuuuttttt.."
si ujang hitut, keur mah sorana tarik, bau deuih ditambah ngelekeb hawa panas. otomatis sakabeh penumpang anu aya di angkot ninggalikeun ka 4 eta penumpah teh. kutambah-tambah era, nyien kesepakan kucara spontan tea. pas penumpang ninggali ka 4 pemuda eta nyebut kieu.
" wilujeung siang bu, pa, ade, sadayana." cek manehna opat urang teh.
OPEN GEUDE DINA PANTO BANK
hiji waktu urang baduy uli kajakarta, meuren asa aneh kakarek ka kota jakarta, niggali hiji panto bank.
dina jeuro hate urang baduy ngomong kieu.
" ari eta jelema teu salah nyieun kitu, nyieun open geude-geude teuing, sageude kumaha engke boluna?" aneh si urang baduy.
pas kitu aya hiji urang bule ngaliwat ka hareup panto bank eta, maksadna rek asup ka eta bank.
" kang tong asup kana eta open. bisi kapanasan leubar eta kulit bodas teh" nyarek si buke eta.
si bule bari jeung teu ngarti ngan wungkul gigideg teu ngarti kana bahasa sunda. pas kitu asup weh urang bule teh ka jeuro bank anu aya tulisan open. pas geus lila, aya anu kaluar tina eta bank teh, olohok reuwas meuren si baduy teh, da anu kaluar tina eta bank teh urang bule anu kulitna hideug geuseng.
" nya cek urang oge naon, montong asuk kana eta open, jadi weh pas kaluar jadi hideung.